Senin, 26 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I
Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.

kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

-Alloh-

1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2) - rhs, 1 Syawal 1421 H

* Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,

mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
* Kana Qur’an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,

upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
* Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,

nu mawi lumungsur Qur’an, pikeun tuduh jalan iman.
* Tawisna nu takwa to’at, yakin ayana aherat,

solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.

2. SILIH BAGI REJEKI (:2/2,3,4) - rhs, 1 Syawal 1421 H

* Mun urang nampi rejeki, rejeki pabagi-bagi,

sasama ge kabagean, rejeki silih agehan.
* Jelema nu iman mu’min, panceg percaya tur yakin,

kitabulloh nu baheula, eta ge dawuh Mantenna.
* Jelema nu iman mu’min, yakinna aenal yakin,

yen engke teh hirup deui, bakal deuheus ka Ilahi.

3. PITUDUH TI ALLOH SWT (:2/5) - rhs, 1 Syawal 1421 H

* Mungguhing nu iman takwa, kenging pituduh Mantenna,

hirupna kenging panungtun, henteu lesot ti panuyun.
* Eta teh bagja utama, rahmat teu kinten ageungna,

mulus salamet hirupna, kenging pituduh Mantenna.
* Nu kitu hirup rahayu, kenging pituduh lumaku,

moal sasar katambias, moal hamham moal waswas.

4. ULAH NGABEDUL (:2/6,7) - rhs, 1 Syawal 1421 H

* Jelema anu mantangul, hirup nyuruntul ngabedul,

hese dibere pepeling, langlang-lingling lir teu eling.
* Mangeran kana napsuna, ngagugulung kahayangna,

aturan kabeh dirumpak, ngaruksak jeung ngagalaksak.
* Lajeng ku Alloh ditutup, kalbu dibulen dirungkup,

hatena teh ditulakan, pangreungeuna dicocokan.
* Batin jadi kurunyinyi, tebih ti hidayah Gusti,

cilaka estu cilaka, jalma nu kitu lampahna.

5. GANCANG OMEAN (:2/8,9) - rhs, 1 Syawal 1421 H

* Seueur pisan kajantenan, ngaku-ngaku panceg iman,

padahal gagaleongan, kaimanan reureundahan.
* Sering pisan kaalaman, pura-pura ngaku iman,

ari lampah euwah-euwah, kitu salah kieu salah.
* Lamun nyieun kasalahan, pek omean gagancangan,

gancang menta dihampura, ka Alloh Maha Kawasa.
* Kitu lampah sasab pisan, tetela nipu sorangan,

tapi tong peunggas harepan, nu salah gancang omean.

6. SIPATNA JELEMA ANU MUNAPEK (:2/10,11) - rhs, 2 Syawal 1421 H

* Jalma munapek sipatna, mun leukeun nitenanana,

sok resep nyieun alesan, keur nutupan kasalahan,
* Kasalahan diteumbleuhkeun, geugeuleuh dika-baturkeun,

hatena pinuh werejit, kotor jeung pinuh rurujit.
* Mun hareupeun ngomong hade, tukangeun mah ngalelewe,

nu kitu tong jadi sobat, sabab mindeng ngahianat.

7. ULAH JALIR JANGJI (:2/12,13) - rhs, 2 Syawal 1421 H

* Lamun urang gaduh jangji, kade ulah lanca-linci,

subaya kedah cumponan, sabab eta kahormatan.
* Jelema nu jalir jangji, eta teh sami saharti,

reujeung ngaruksak pribadi, henteu ngajenan ka diri.
* Nu teu pageuh kana jangji, nu kitu munapek pasti,

hirupna moal jamuga, bakal pinanggih tunggara.

8. NGAJAGA LETAH (:2/14) - rhs, 2 Syawal 1421 H

* Kade jaga eta letah, sabab mindeng mawa salah,

seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.
* Loba nu meunang cilaka, lantaran tina ngomongna,

ngomong teu dipikir heula, tangtu hanjakal ahirna.
* Ngomong ngabuih ngabudah, mindingan lampah nu salah,

ngaku-ngaku iman takwa, padahal reka perdaya,
* Iman ukur kaheureuyan, kawas bunglon lolondokan,

kitu peta salah pisan, kudu gancang dijauhan.

9. ULAH NGAHEUREUYKEUN AYAT (:2/15,16) - rhs, 2 Syawal 1421 H

* Mangkade ulah mokaha, ngaheureuykeun pidawuh-Na,

dipake ocon guguyon, kitu peta estu awon.
* Jalma ngaheureuykeun ayat, moal pinarinan rahmat,

jeung moal kenging sapa’at, sabab ngaheureuykeun ayat.
* Ayat teh dawuhan Gusti, lenyepan mangka kaharti,

sangkan urang ulah rugi, hirup jadi ngandung harti.
* Ayat ulah diheureuykeun, kuduna teh dihartikeun,

sangkan hirup ulah rugi, tur kenging rido Ilahi.

10. PALITA ANU TEU CAHAYAAN (:2/17,18) - rhs, 2 Syawal 1421 H

* Kuma pibakaleunana, lamun pareng hiji mangsa,

urang teh nyeungeut palita, tapi teu caang sinarna
* Kotret deui cekres deui, ngahurungkeun korek api,

pareum deui pareum deui, poek deui poek deui.
* Rajeun palitana hurung, tapi kalah tambah bingung,

sabab cahayana musna, poek mongkleng buta rata.
* Kitu minangka misilna, nu munapek ibaratna,

lolong lahir jeung batinna, sasab dunya aheratna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar