Senin, 26 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,

sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
* Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,

kagungan Alloh Ta’ala, kalimpudan iradah-Na.
* Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,

jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
* Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,

kacebor ku rahmat ni’mat, ti Alloh Nu Maha Ha’at.

62. BASA GEUS BEAKEUN KECAP (:2/116,117) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Basa beakeun kecapna, kecap beakeun hartina,

harti beakeun rasana, rasa beakeun imanna.
* Keur narjamahkeun imanna, bari geus suda rasana,

rasa geus taya hartina, harti kecapna geus musna.
* Ahirna asal nyarita, ku basa nu teu biasa,

ngukur Dzat Maha Kawasa, ku basa keur ka manusa.
* Dzat Nu Agung mah teu ruhun, cekap dawuh

Kun Faya Kun,

sadaya estu kasuhun, teu langkung dawuh Nu Agung.

63. JELEMA ANU ADIGUNG (:2/118) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Sakapeung aya nu mikir, cenah pamikir mutahir,

ngomongna nyanyahoan, nganaha-naha Pangeran,
* Naha teu lungsur muji’zat, sapa’at sareng karomat,

naha teu ngadawuh langsung, jalma kitu teh adigung.
* Baheula oge geus aya, ngomongna kitu sarua,

nu kitu sombong kacida, asa heueuh pangpinterna.
* Mikir kitu eta musrik, keur kapir teh tambah syirik,

marukan lempeng mikirna, padahal eces sasabna.

64. NURUL HIKMAH (:2/119) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Muhammad putra Abdulloh, eces jelas Rosululloh,

ari wawakil sanesna, eta teh pan urang tea.
* Jadi urang sadayana, wajib ngawawarkeun warta,

warta gumbira utama, pikeun ka umat manusa.
* Pancen urang sadayana, ngajak eling ka sasama,

ngeunaan ahli naraka, napsi-napsi pada-pada.

65. ULAH KABENGBAT (:2/120) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Omat kudu taki-taki, ulah rek kabengbat ati,

ku nu ngajak pindah iman, ku rupa-rupa alesan.
* Urang sing boga kawani, pikeun nolak panceg ati,

ka nu ngarolo ngajakan, ngajak-ngajak pindah iman.
* Pek kedalkeun pangka panceg, iman ka Alloh geus panteg,

kaimanan mangka panceg, ulah waswas rundag-randeg.
* Nu pundah-pinah ageman, komo mun geus ngagem Islam,

eta tanda ipis iman, Alloh moal nangtayungan.

66. NGADERES AL-QUR’AN (:2/121,122) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Ti wengi nu sepi jempling, aya gerendeng nu wening,

horeng nuju ngaos Qur’an, dideresna lalaunan.
* Waktu ngagayuh ka subuh, ngaderes Qur’an teu rusuh,

sorana halimpu pisan, ayat suci dlenyepan.
* Nalika bade manceran, aya anu ngaos Qur’an,

ngagerendeng lalaunan, Al-Qur’an ditapakuran.
* Dur lohor gerendeng deui, nu maos Al-Qur’an suci,

dawuhan Ilahi Robbi, teu kalangkung ungal wanci.
* Surya condong ka beh kulon, nu ngaos sorana halon,

asar ahir tereh lingsir, ngaos Qur’an tengtrem pikir.
* Magrib nu ngalingkup cunduk, anu ngaos brek sumujud,

kedal lisan maos Qur’an, ka Gusti Alloh unjukkan.
* Rongheap geus mangsa Isa, ngaderes sabisa-bisa,

ngaos Qur’an husu pisan, pidawuhNa dilenyepan.
* Kiamullail brek sumujud, sumegruk bari tahajud,

ka Alloh sumerah diri, mugia tobat ditampi.

67. ULAH SARAKAH (:2/123) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Kenging hirup hese cape, dug tinetek unggal poe,

kukumpul dunya barana, harta banda salobana.
* Dipilampah kabeh cara, dapon laksana maksudna,

sarakah taya eureunna, asa rek lana di dunya.
* Tambah mabok ku jabatan, ngeukeuweuk kakawasaan,

hayang jadi pangunggulna, marukan lana di dunya.
* Leuheung mun inget ahirna, mieling ka aheratna,

yen ditimbang sagalana, boh dosa boh pahalana.

68. NABI IBRAHIM IMAM SADUNYA (:2/124) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Nyonto ka Nabi Ibrahim, mantenna muslim nu mu’min,

sadaya parentah Gusti, ditumutkeun panceg ati.
* Sadaya parentah Alloh, ditumutkeun insya-Alloh,

teu aya anu dipungpang, henteu hamham teu hariwang.
* Cocobi ti Maha Suci, ditampi ku sabar ati,

sadaya rupi ujian, ku Ibrahim dipayunan,
* Nu mawi ku Gusti Alloh, Ibrahim teh Rosulloh,

kalintang dipiasih-Na, janten imamna manusa.
* Muga urang sadayana, nyonto ka Ibrahim mulya,

dina mayunan cocoba, tetep sadrah panceg takwa.

69. BAITULLOH (:2/125) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Tempat suci Baitullloh, pikeun sumujud ka Alloh,

Ka’bah Mekah Mukarommah, puseur anu aribadah,
* Titilar Nabi Ibrahim, nabi kongas mu’min muslim,

dianggo keur tempat solat, ka Alloh sumembah to’at.
* Baheula di lebet Ka’bah, seueur berhala disembah,

Ibrahim sareng Ismail, ngabasmi arca nu batil.
* Baitulloh pikeun towaf, atanapi keur itikaf,

Baitullloh kedah Suci, tempat madep ka Ilahi,
* Baitulloh dina dada, sami kedah dijaraga,

Qolbu keur itikaf ruhi, kedah dipiara suci.

70. KUDU NGADU’A (:2/126) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Mangkahade ulah hilap, upami nuju iti’kaf,

atawa nuju ngadu’a, ulah pegat nya neneda,
* Kahade ulah rek hilap, ngadu’a teh henteu cekap,

ukur keur sasoranganeun, bangsa oge pek dungakeun.
* Dicontokeun ku Ibrahim, mundut ka Robbul Alamin,

Mekah sareng pangeusina, ma’mur mu’min padumukna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar