Senin, 26 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)

71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,

kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati.
* Contona ngadegkeun Ka’bah, ku Ibrahim di baladah,

ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud.
* Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,

bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.

72. MUJI KA ALLOH SWT (:2/128) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Sanaos Ibrahim nabi, henteu pegat muja-muji,

neneda ka Maha Suci, miharep asihing Gusti.
* Atuh diri urang oge, sami kedah kitu oge,

boh keur diuk boh keur sare, ngadua isuk jeung sore.
* Upami aya kabingung, pok unjukkeun ka Nu Agung,

nunuhun kenging papayung, ka Alloh neda pitulung.
* Upami kenging kasusah, ulah aral bari luh-lah,

unjukkeun ka Maha Agung, Mantenna tinangtos nulung.

73. NGAMUTOLAAH AL-QUR’AN (:2/129) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Nabi urang sadayana, Nabi Muhamad nu mulya,

tos mulih ka rohmatullloh, di pendemna di Raudoh.
* Nya Nabi Muhammad pisan, anu ngeceskeun Al-Qur’an,

pituduh ka unggal insan, dumugi ka ahir jaman.
* Qur’an sareng sunah Nabi, eta panuyun sajati,

pigeusaneun unggal jalmi, muru hirup anu suci.
* Sanaos nabi geus pupus, ngulik Qur’an kedah terus,

aya Qur’an jeung Sunahna, leukeun ngamutola’ahna.

74. NU MULYA NABI IBRAHIM (:2/130,131) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Nabi Ibrahim kapungkur, jadi karuhun luluhur,

anu diagemna Islam, dumugi ka ahir jaman.
* Jadi imamna di dunya, jadi sungapan agama,

kadeudeuh Alloh Ta’ala, awahing ku iman takwa.
* Kedal ucap pangakuan, Mung Alloh Nu Murbeng Alam,

sumembah mung ka Mantenna, iman ka Alloh Ta’ala.

75. AGAMA ISLAM (:2/132,133,134) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Kacida pisan bagjana, upamana hirup di dunya,

Islam anu diagemna, agama rido Mantenna.
* Kacida pisan rugina, mun maot can iman takwa,

matak enggal-enggal takwa, bisi kaburu palastra.
* Nabi Ibrahim nu muslim, amanat ka urang yakin,

yeuh anak incu Ibrahim, tong maot mun acan muslim.
* Nabi Yaqub oge sami, amanat ka nu pandeuri,

sumembah teh mung ka Alloh, tur to’at ka Rosululloh.
* Eta amanat mantenna, keur ka urang sarerea,

da urang turunanana, tanggung jawab pribadina.

76. ULAH NGABEDA-BEDA UTUSAN ALLOH SWT (:2/135,136) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Kahade dulur baraya, ulah rek ngabeda-beda,

ka para utusan Alloh, sadaya ge rosul Alloh.
* Nu beda ukur alamna, jeung beda-beda umatna,

pada nyandak kalamulloh, pada nyandak kitabulloh.
* Unggal rosul unggal nabi, pada kenging pancen suci,

saluyu sareng jamanna, pikeun nulungan umatna.
* Ari mungguh pikeun urang, nu gelar alam kiwari,

Muhammad panutan urang, utusan Ilahi Robbi.
* Sadaya iman ka Alloh, percanten ka Rosululloh,

tuduh jalan tina Qur’an, nu diagem Iman Islam.

77. ALAM DUNYA NU ENDAH (:2/137,138,139) - rhs, 4 Syawal 1421 H

* Ciptaan Alloh Ta’ala, kalintang pisan endahna,

endah teu aya tandingna, tan wilangan pulas warna,
* Dicelup ku kanyaahna, dipulas ku kaasihna,

sadayana ngandung ma’na, kaagungan Nu Kawasa.
* Sabudeurna bumi langit, estu asri endah wingit,

ti siang atra kasawang, ti wengi baranang bentang.
* Tutuwuhan kekembangan, warna-warna endah pisan,

kumelendang sasatoan, rupi-rupi lengkep pisan.
* Upami urang nengetan, diciptana kaendahan,

lajengna teh dilenyepan, bakal tambih kaimanan.
* Alam dunya ngampar lega, dicipta pikeun manusa,

urang teh kedah sukuran, nampi kaheman Pangeran.
* Tadabur alam teh penting, bade beurang bade peuting,

Sangkan urang jadi eling, pikir urang dzikir nyaring.
* Kanggo naon pacogregan, kanggo naon pasendatan,

marebutkeun bebenran, mending ge urang sukuran.

78. TANGGUNGJAWAB MASING-MASING (:2/140,141) - rhs, 4 Syawal 1421 H, 17.30

* Ahirna mungguh manusa, tanggungjawab ka dirina,

masing-masing pada-pada, naranggel amal gawena.
* Ngan ukur silih elingan, ngan ukur silih ingetan,

muga-muga susuganan, daraek tarakwa iman.
* Kumaha bagjaning diri, jeung kumaha ceuk pribadi,

da moal robah nasibna, mun teu robah pribadina.
* Mugia Alloh Ta’ala, maparinkeun hidayah-Na,

ka urang ka sarerea, sangkan pageuh iman takwa.
* Mugi paparin pituduh, sangkan hirup tong kalebuh,

di dunya kenging nugraha, di aherat ka sawarga.
* Ya Alloh Pangeran abdi, pancegkeun iman sim abdi,

teguhkeun ibadah abdi, hirup maot kersa Gusti.
* Mugi mu’minin mu’minat, sadayana kenging ni’mat,

ginulur kurnia rahmat, di dunya sareng aherat.
* Ya Alloh Malikul Alam, mugi panceg iman Islam,

mugia amal ditampi, tawis pangbakti sim abdi.

TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar