Senin, 26 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

* Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
* Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana, nyawana mugen embungeun, sieun dikanarakakeun.
* Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik, tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
* Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir, bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
* Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan, tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
* Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa, marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
* Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan, terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.

16. MAOTNA JELEMA ANU MU’MIN MAH ESTU PASRAH PISAN (:79/2,3,4) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

* Ijroil diutus deui, nampi pancen ti Ilahi,

pikeun nyabut deui nyawa, nyawana jalma nu takwa.
* Ijroil nyanggakeun salam, panghormat ka mu’min Islam,

sang nyawa teh digentraan, seug ka luar lalaunan.
* Sang Nyawa lajeng dibetot, ditarik malakal maot,

ditarikna lalaunan, teu pegat maca wiridan.
* Ngageleser ngagulusur, lungsur-langsar narik umur,

teu pisan karaos nyeri, pupus iklas rido ati.
* Malaikat nu sanesna, lalebet ka salirana,

nyabutan roh nu sanesna, tina sel-sel salirana.
* Malaikat nu sanesna, jajap nyawa ka sawarga,

nyawa nu iman nu takwa, pupusna bagja kacida.
* Muga teuing diri urang, lamun engke kedah mulang,

lamun geus cunduk waktuna, datang ajal geus mangsana.
* Hoyong maot iman takwa, iklas ngaleupaskeun nyawa,

maot nuju muslim mu’min, ngadeuheus Robul a’lamin.

17. SADAYA MALAIKAT PADA KAGUNGAN PANCEN TI ALLOH SWT (:79/5,6,7) - rhs, Jumadilahir 1428 H

* Malaikat sadayana, pada kagungan tugasna,

sadaya jadi utusan, kenging pancen ti Pangeran.
* Ari tugas malaikat, ngajaga sareng ngarumat,

ngatur sagebarna jagat, henteu aya nu kaliwat.
* Bentang-bentang nu di langit, tingcarelak tingkaretip,

panonpoe sareng bulan, sadaya tumut aturan.
* Tapi dina hiji mangsa, ngadadak sajagat raya,

ancur lebur pabalatak, dunya bencar paburantak.
* Dunya sakitu wedelna, harita ancur sadaya,

eta teh kiamat tea, bakal bukti hiji mangsa.

18. JELEMA ANU GEUS MARAOT BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI DINA POE PANGADILAN (:79/8,9,10,11,12,13,14) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

* Dupi poe pangadilan, eta bakal dicirian,

aya tangara soara, nu disebut sangkakala.
* Sangkakala nu kadua, sorana tarik kacida,

nu maot harudang deui, ka luar ti jero bumi.
* Kabeh manusa degdegan, hatena teh gegebegan,

pikir ketir sieun pisan, mikiran nasib sorangan.
* Silih rangkul jeung baturna silih tanya jeung sobatna,

euleuh geuning hirup deui, padahal geus maot lami.
* Geus tangtu urang cilaka, da hirup pinuh ku dosa,

rugi teuing diri urang, cilaka henteu kapalang.
* Sakabeh umat careurik, rajeg di sagara keusik,

narangtung luhur tegalan, nu legana tan wangenan.
* Eta poe pangadilan, bakal nampi kaputusan,

saha anu ka sawarga, jeung saha nu ka naraka.

19. NABI MUSA AS. DIPIWARANG NEPANGAN FIR’AON (:79/15,16,17,18,19,20) - rhs, Jumadilahir 1428 H

* Kacarios Nabi Musa, harita linggih di Thuwa,

munajat ka lenggah Gusti, kenging dawuh ti Ilahi.
* Pidawuh Alloh Ta’ala, katampi ku Nabi Musa,

yen kedah angkat ka Mesir, nepangan Fir’aon kapir.
* Raja Fir’aon kamashur, kaasup raja nu kupur,

galak gangas ngagalaksak, di dunya ngan nyieun ruksak.
* Sugan mun ku Nabi Musa, Fir’aon robah adatna,

tina kapir jadi takwa, nyembah ka Alloh Ta’ala.
* Lajeng bae Nabi Musa, ngajugjug ka Mesir tea,

maksadna bade nepangan, Fir’aon rek dielingan.
* Mun Fir’aon daek eling, ku Musa bakal diaping,

dituyun ka jalan iman, nyembah ka Alloh Nu Heman.
* Malah Kangjeng Nabi Musa,ningalikeun muji’zatna,

tapi Fir’aon mantangul,bedegong keukeuh ngabedul.

20. FIR’AON NGANGGAP DIRINA JADI PANGERAN (:79/21,22,23,24,25,26) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Dasar Fir’aon nu kapir, hese diajakan lilir,

napsuna angger ngaberung, dasar kapir jalma linglung.
* Malah jadi malik ngewa, miceuceub ka Nabi Musa,

pajar sarapna kaganggu, ngaku-ngaku meunang wahyu.
* Dikumpulkeun rahayatna, pok Fir’aon teh nyarita,

pangeranna Nabi Musa, eta teh bohong kacida.
* Pangeran mah nya kaula, nu disembah sanagara,

Fir’aon anu ngawasa, kitu Fir’aon ngomongna.
* Gusti Alloh lajeng bendu, ka mahluk nu model kitu,

anu sombong gede hulu, bakal dila’nat geus tangtu.
* Di dunya bakal dila’nat, komo engke di aherat,

kisah Fir’aon baheula, pieunteungeun sarerea.

21. KAAGUNGANANA ALLOH SWT (:79/27,28,29,30,31,32,33) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Dangukeun ieu nadoman, sumangga geura lenyepan,

kaagungan Gusti Alloh, estu hebat subhan-Alloh.
* Kanggo Alloh mah teu sesah, nyipta manusa sakumna,

kanggo Alloh mah teu sesah, nyiptakeun sajagat raya.
* Alloh mah maha-keresa, teu langkung sakeresa-Na,

dunya ngadadak ngagelar, bumi alam lega ngampar.
* Geura sumangga tingali, geura titenan ti wengi,

ngadadak poek meredong, leumpang oge rarang-rorong.
* Tapi upama ti siang, panonpoe ngempray caang,

sadaya ciptaan Gusti, dibeberes teu pahili.
* Lajeng tina sela taneuh, ngadadak taneuh teh baseuh,

malancer cai nyusuna, ngalocor walunganana.
* Tina taneuh anu tadi, renung jujukutan jadi,

hejo ngemploh pepelakan, karembangan baruahan.
* Tuh tingali itu pasir, ngajajar pating jalegir,

tuh tingali itu gunung, ngabedega jararangkung.
* Sadaya ciptaan Alloh, hebatna teh subhan-Alloh,

sadaya pikeun manusa, matak kudu iman takwa.

22. ARI GEUS DATANG KIAMAT KAKARA MANUSA TEH ARELING (:79/34,35,36,37,38,39) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Ras emut dinten kiamat, kajadian anu hebat,

ancur lebur alam dunya, kitu deui jagat raya.
* Kakara jelema eling, kiamat harita geuning,

datangna ngadadak pisan, tinggaroak jejeritan.
* Ras inget kana dosana, dosa nu dipilampahna,

teu lila lawang dibuka, lawang asup ka naraka.
* Naraka keur jalma kapir, anu hirupna mubadir,

anu muja kana harta, sarua muja berhala.
* Geuning ari kapir tea, rek saha bae jalmana,

anu hirupna pidunya, eta teh kapir sipatna.
* Tah jelema anu kitu, ka naraka enggeus tangtu,

bakal jadi balad setan, di naraka pangancikan.

23. SAWARGA TEH PIKEUN JELEMA ANU IMAN TAKWA (:79/40,41) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta’ala,

anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran.
* Bagja temen jalma mu’min, anu iman hakul yakin,

nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali.
* Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,

napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu’min.
* Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga,

dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.

24. IRAHA-IRAHANA KAJADIAN KIAMAT ANU UNINGA ANGING ALLOH SWT (:79/42,43,44,45) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Ayeuna oge sok aya, pirajeunan tunyu-tanya,

kiamat iraha bukti, naha beurang naha wengi.
* Mun aya nu nanya kitu, pek jawab anu saestu,

kiamat iraha bukti, mung Alloh anu tingali.
* Urang mah mung ukur mahluk, saukur tumut jeung tunduk,

ngan ukur ngajadi saksi, kiamat datangna pasti.
* Kawajiban diri urang, ibadah peuting jeung beurang,

sumujud ka Gusti Alloh, miharep ridoning Alloh.
* Urang mah ukur ngelingan, ngahudangkeun kasadaran,

yen kiamat pasti bukti, kaalaman hiji wanci.

25. URANG HIRUP DI DUNYA TEH HENTEU LAMI (:79/46) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

* Dangukeun ieu sing hidmat, nami surat An-Naziaat,

ayat opatpuluh genep, lenyepan mangka saregep.
* Nalika kiamat datang, duka ti peuting ti beurang,

manusa kakara sadar, yen hirup mubah kalantar.
* Hanjakal kakara eling, waktuna geus elat teuing,

enggeus beakeun waktuna, nutup lawang pangampura.
* Katambah waktu harita, karasa ku sarerea,

di dunya asa can lila, kakara sakedet netra.
* Hirup teh asa can lami, asa kakara kamari,

malah asa karek tadi, kitu rarasaan jalmi.
* Terang-terang enggeus ahir, dunya eureun henteu muntir,

ancur lebur jagat raya, kiamat teh nya harita.

TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN-NAZIAAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar