Senin, 26 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.

Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

- ALLOH -

1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H

* Assalamu’alaikum, ka muslimin wal muslimat,

asalamu’alaikum, ka mu’minin wal mu’minat.
* Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur’an,

juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
* An-Naba’ nami suratna, tujuhdalapan nomerna,

dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
* Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,

pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
* Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,

nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
* Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,

kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
* Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,

engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
* Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,

mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.

2. ALLOH SWT ANU NYIPTA BUMI ALAM (:78/6,7) - rhs, 30 Jumadilawal 1424 H

* Nadoman surat An Naba’, sareng nu jadi ayatna,

ayat genep sareng tujuh, eusina ngandung pituduh.
* Alloh Anu Maha Agung, Nu Kawasa sakalangkung,

nyipta bumi saeusina, sadaya damelana-Na.
* Ngagelar jadi daratan, sinareng ngaplak lautan,

gunung-gunungna ngajega, eta teh jadi paseukna.
* Jeung parentul pasir-pasir, pagunungan tingjalegir,

eta teh pikeun patokna, nyaimbangkeun ieu dunya.
* Kitu agungna Pangeran, anu nyipta bumi alam,

urang wajib takwa iman, ka Alloh Nu Maha Heman.

3. ALLOH SWT ANU NYIPTA MAHLUK (:78/8,9) - rhs, 1 Jumadilahir 1424 H

* Dangukeun ieu nadoman, kahaturkeun patarosan,

saha anu nyipta urang, nyipta wengi sareng siang.
* Sumangga geura diwaler, sangkan manah urang leler,

tambih panceg kaimanan, keur ngandelan kayakinan.
* Saha anu nyipta urang, ngahaja dipasang-pasang,

aya pameget jeung istri, nu engkena laki-rabi.
* Sareng saha nu mepende, urang teh tiasa sare,

ngalenggut raos nundutan, kulem tibra nanakeran.
* Cik mangga geura waleran, sumangga geura lenyepan,

mahaakbarna Pangeran, Maha Welas Maha Heman.

4. RAHMAT SARENG NI’MAT TI ALLOH SWT (:78/10,11) - rhs, 2 Jumadilahir 1428 H

* Sumangga geura lenyepan, eusina ieu nadoman,

welas asihna Pangeran, seueurna tanpa wilangan.
* Mangsa magrib layung ngempur, palih kulon hurung mancur,

langit lir disipun emas, matak hebat matak waas,
* Poek mimiti ngalingkup, indung peuting geus ngarukup,

dur magrib muadzin adzan, sorana antare pisan.
* nu sholat enggal sarumping, di disarung nu disamping,

ka mushola nu ka tajug, ka masjid pada ngajugjug.
* Ya Alloh ku ni’mat pisan, sujud payuneun Pangeran,

nampi nuhun ka Ilahi, anu maparin rejeki.
* Henteu lami tengah peuting, nu kulem tibra ngajempling,

dikirna marengan nafas, tibra kulrem bari iklas.
* Ya Alloh Ilahi Robbi, jog anjog wanci janari,

anu kulem gugah sakedap, solat tahajud teu hilap.
* Tengah wengi sujud sukur, ka Alloh Nu Maha Gofur,

sujud tobat ka Pangeran, hoyong lubar kalepatan.
* Ya Alloh Ilahi Robbi, nu tahajud sujud lami,

cisocana teh nyakclakan, sajadahna kabaseuhan.
* Sujudna teuing ku husu, dikir sajeoring kalbu,

pertobatna iklas pisan, miharep rido Pangeran.
* Aya anu kulem deui, nampi ni’mat ti Ilahi,

henteu lami adan subuh, gugah deui rada rusuh.
* Siram beberesih diri, abdas ku cai nu suci,

solat subuh di mushola, berjamaah sadayana.
* Teu lami dunya bray caang, panon poe hurung herang,

sadaya pada mariang, nu tatanen anu dagang.
* Usaha nyiar kipayah, da eta jadi tarekah,

ihtiar nyiar rejeki, paparin Ilahi Robbi.

5. RAHMAT SARENG NI’MAT PAMAPARIN ALLOH SWT (:78/12,13,14,15,16) - rhs, 3 Jumadilahir 1428 H

* Ieu wargi sadayana, sumangga dangukeun heula,

ieu nadom kahaturkeun, dangukeuneun lenyepaneun.
* Sumangga tingali langit, wedel mo bisa disebit,

langit nyusun tujuh lapis, ku urang henteu katawis.
* Euleuh itu panonpoe, medal unggal-unggal poe,

ti wetan surya bijilna, di kulon engke surupna.
* Panonpoe palitana, nyaangan saalam dunya,

jadi cekas titingalan, dunya ngampar endah pisan.
* Henteu lami aya mega, kumalayang di angkasa,

langit ngadak-ngadak mendung, pihujaneun enggeus mayung.
* Teu lami hujan miripis, murupuy hujan girimis,

paralak hujan ngerepan, nyebor darat jeung tegalan,
* Geus kitu breng tutuwuhan, jararadi subur pisan,

ngemploh hejo titingalan, nu daunan nu kembangan.
* Tutuwuhan subur pisan, henteu lami baruahan,

cukul pisan pepelakan, patani barungah pisan.
* Kitu asihna Pangeran, ka mahlukna mikaheman,

nu mawi kedah sukuran, nampi ni’mat ageung pisan.

6. ANU DISEBUT POE FASHLI TEH NYAETA POE CUNDUKNA KIAMAT (:78/17,18,19) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

* Nu disebut poe Fashli, eta teh teu aya deui,

iwal ti poe kiamat, poe wawales teu lepat.
* Lajeng ditiup sangkala, kiamat dadak sakala,

sadaya mhluk palastra, pada ngaleupaskeun nyawa.
* Panto langit nembrak muka, sareng kabeh nyawa jalma,

lumebet ka eta panto, panto langit nu molongo.
* Poe Fashli bakal cunduk, bakal maot sugri mahluk,

sadayana tilar dunya, kiamat teh nya harita.

7. ALAM DUNYA ANCUR LEBUR (:78/20) - rhs, 10 Jumadilahir, 1428 H

* Ari dintenan kiamat, estu kajadian hebat,

dunya genjlong gunjang-ganjing, ngarandeg henteu nguriling.
* Gunung gunung tingbaliur, rabeng haliber kalabur,

tingsoloyong tingkoleang, tingbelesat ngawang- ngawang.
* Gunung-gunung teh baritu, sawareh pada diadu,

henteu aya anu nyesa, alam dunya jadi rata.
* Anu nyesa kari lebu, ngebul di dieu di ditu,

alam dunya ririakan, hawa panas nyongkab pisan.

8. ANU KAPIR DIASUPKEUN KA NARAKA (:78/21,22,23) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

* Poe Fashli poe ahir, cilaka jalma nu kapir,

nyawana teh matak watir, sabab hirupna mubadir.
* Ka naraka disuntrungkeun, seuneu panas disampakkeun,

sabab keur hirup di dunya, ka Alloh teu iman takwa.
* Di narakana teh langgeng, abadi saendeng-endeng,

panto naraka ditutup, panasna moal kauntup.
* Nu kapir disiksa beurat, langgeng keuna ku pangla’nat,

cilaka estu cilaka, nu kapir bakal disiksa.

9. KAAYAAN ANU KAPIR DI JERO NARAKA (:78/24,25) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

* Lamun bae urang terang, anu kapir keur dipanggang,

dikulub jero naraka, estuning watir kacaida.
* Maot henteu hirup henteu, diduruk jeroning seuneu,

halahab hanaang pisan, hayang nginum kapanasan.
* Nu aya cai ngagolak, panas pacampur jeung ruhak,

bau bangke matak utah, da pacampur reujeung nanah.
* Kitu gambaran naraka, nu matak urang sadaya,

kudu iman kudu takwa, ka Alloh Nu Maha Esa.

10. WAWALES KA JELEMA ANU KAPIR TEH SAIMBANG JEUNG DOSANA (:78/26,27,28,29,30) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

* Dangukeun ieu nadoman, pikeun jadi paringetan,

saha nu nolak Al-Qur’an, tangtuna kenging siksaan.
* Komo anu nyebut palsu, kana Al-Qur’an teu ngaku,

Al-Qur’an disebut dongeng, nu kitu dosa singhoreng.
* Ari siksa nu katampa, saimbang reujeung dosana,

moal langkung moal kirang, siksaan bakal saimbang.

11. JELEMA TAKWA KA ALLOH SWT BAKAL KA SAWARGA (:78/31,32,33,34,35,36) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

* Bagja teuing nu muslimin, keur muslim teh sarta mu’min,

jaga bakal ka sawarga, sabab iman sarta takwa.
* Sawarga teuing ku endah, patempatan matak betah,

seueur kembang seueur buah, estu matak tumaninah.
* Buah anggur ruruntuyan, cukul sakur kekebonan,

gelas kristal nu harerang, ngaleueut lamun hana’ang.
* Dijaga ku mojang geulis, lalucu sarta maranis,

di sawarga matak betah, teu aya pisan kasusah.
* Sawarga teh keur ganjaran, ka jelema anu iman,

Alloh Anu Maha Heman, ka mahlukna anu iman.

12. ALLOH SWT ANU MAHA KERESA (:78/37,38) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

* Gusti Alloh Nu Kawasa, Gusti Alloh Maha Esa,

Pangeranna jagat raya, nu disembah ku mahlukna.
* Dina dintenan kiamat, jaga di alam aherat,

taya nu wani unjukan, iwal mun widi Pangeran.
* Malaikat nu ngajajar, sadaya wirid istigfar,

mun ku Alloh dipariksa, unjukan satarabasna.

13. POE KIAMAT TEH BAKAL KAJADIAN (:78/39) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

* Eling-eling yeuh baraya, dangukeun ku sadayana,

nadoman penting kacida, matak kudu iman takwa.
* Ari perkara naraka, eta teh pasti ayana,

kahade ulah cangcaya, urang wajib percayana.
* Lamun hayang ka sawarga, atuh kudu iman takwa,

nyembah ka Alloh Nu Esa, ulah nyembah ka berhala.

14. DINA POE KIAMAT AMAL IBADAH TEH SADAYANA NEMBRAK (:78/40) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

* Ieuh dulur sadayana, dangukeun nadoman heula,

eusina penting kacida, pamungkas surat An-Naba’.
* Ari kiamat teh pasti, bakal cunduk hiji wanci,

nembrak gawe unggal jalmi, sakabehna ge kaciri.
* Tah harita kajadian, anu kapir gogoakan,

amal gawe kabandungan, nembrak kabeh kasaksian.
* Leungeunna kabeh nyarita, naon nu dipigawena,

anggota badan lianna, jadi saksi ka dirina.
* Anu kapir teh careurik, hanjakal keur hirup musrik,

mending keneh jadi lebu, moal ngalaman hanjelu.
* Jadi taneuh mah teu nista, da tara milampah dosa,

jadi manusa mah nista, da bongan milampah dosa.

TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN- NABA’

Tidak ada komentar:

Posting Komentar